GORÉNG SANGU
Asa teu goréng rupa téh rarasaan mah tapi ceuk tatangga sabeulah cenah beungeut kuring siga sangu beueuy.
ASA HAYANG
Naha bet kudu ambek, asa teu pira pedah hayang dipangmeulikeun férrari.
HENTEU NIKAH
Henteu ari balaka mah ngan tina rindatna jiga anu ngajak nikah.
HUJAN WAÉ
Naha nya mun hujan téh beuteung sok karasa lapar waé?
HAJI GEULIS
Bah Haji mah sakitu leumpang geus rarampéolan ogé mun ngobrol jeung nu geulis sok ngaakangkeun.
POHO KAÉRA
Duh meunang kaéra basa rék mayar di kasir lokét poho teu kabawa.
BULE HIDEUNG
Kulit teh sok ngadadak asa jadi hideung mun keur ngarendeng jeung bule mah.
UCING GERING
Geus tujuh poe gering pikir, pais peda keur saur didahar ku ucing.
HAYANG KAWIN
Teu hayang boga anak da can kawin.
ISUK SORÉ
Ti isuk mula dagang coét di terminal, nepi ka soré euweuh nu meuli saurang-urang acan padahal jelema sakitu réana.
GORENG HATÉ
Haté téh bet dibéré rasa nyaah padahal kamari manéhna geus namplokeun goréng hayam jualeun saayakan.
PEUTING KABITAEUN
Sssstttt. Geus peuting, ulah gandéng teuing bisi aya nu kabitaeun.
APÉL APEL
Unggal apél Si Éta mah barang bawana téh apel jeung apel wé, na teu apal kitu yén di alam dunya téh réa bungbuahan anu leuwih ngeunah.
HAYANG GERING
Hayang geura cageur da geuning geus gering saminggu gé euweuh nu ngalongok.
TEREH PUASA
Bulan puasa mah mani sok asa hayang tereh papanggih jeung magrib teh.
HANJAKAL NGALAMAR
Aya nu rék ngalamar jelema kasép dedeg sampé rupa hadé hanjakal beunghar.
PEUTING MUNGGARAN
Basa munggaran ngumbara di nagri deungeun peuting téh tara bisa saré da cenah di lembur keur wanci beurang.
SARE SORANGAN
Embung ah dititah sare di hotel berlian oge ari kudu sorangan mah.
HAYANG DAHAR
Salila Romadon teu dahar sangu, nambulan deungeunna we alatan hayang begang engke lebaran.
HAYANG GERING
Mani hayang geura cageur kaluman gering ti poé lebaran mula.
HAYANG KASOHOR
Geus lila hayang panggih jeung ki sobat teh tapi geuning geus kasohor mah manehna mopohokeun ka babaturan.
TOS SEPUH
Tos atuh sing sabar sareng kedah ngarumasakeun diri, kedah saé ka nu sepuh.
INCU AKI
Duh ieu incu anu panggedéna keukeuh meredih hayang boga aki anyar.
SEUPAN SAMPEU
Ngadahar seupan waluh ubar darah tinggi jeung bubuy sampeu ubar lapar, aya ku ni'mat.
HAYANG LINTUH
Hayang dahar mindo ngan sieun beuki lintuh.
HENTEU PUASA
Pasalingsingan jeung nu gelo ujug-ujug nyarékan laklak dasar ah henteu dilawan da keur puasa.
INDUNG BEURANG
"Beu, geus beurang deui waé hudang téh poho ka solat subuh", ceuk Indung bari nyéblokeun cai sagayung kana beungeut.
HAYANG GERING
Gusti, abdi teh hayang cageur ulah meusmeus gering meusmeus gering.
GULÉ DOMBA
Nungguan anu ngirim ganting domba teu jol waé padahal geus nyieun samara gulé ti peuting mula.
SEURI LEUTIK
Asa hayang seuri dibere surat cinta ku budak leutik.
KARI HAYAM
Lebaran geus lekasan, rurat-rérét neangan kakarén manggih opor hayam kari caina.
HAYANG CEURIK
Ah naha bet kudu ceurik sagala ditolak sapajodogan, nu puguh mah hayang seuri nempo manehna kuraweud haseum.
GERING RIPUH
Sabenerna mah gering teh teu sabaraha ukur hareeng tapi bebeja ka bebene mah ripuh meh manehna ngalongok.
HESE SARE
Ari dititah gawe mah sok hese beda jeung dititah sare langsung ngaguher.
PEUREUM BEUNTA
Mun peureum katémbong ringkangna, mun beunta karasa sonona.
PANAS TIKORO
Ngubaran batuk ku nginum cai panas anu rada semu ngagolak, lain cageur kalahka tikoro ledeh alatan kaleob.
BEURAT BEUNGHAR
Alhamdulillah diajak kawin ku nu beunghar, rek dibere maskawinna oge emas beurat sakilo.
HAYANG TAEUN
Hayang dahar ti sore mula ari taeun teh sanguna dibeakeun ku si bungsu.
DUIT BUTUT
Butut-butut oge da Si Eta mah rea duit jadi teu hese neangan kikindeuwan teh.
HOYONG POLIGAMI
Hoyong saleresna mah ngupingkeun ceramah teh, mung pa ustadna sok nyabit-nyabit wae poligami.
BULAN AGUSTUS
Duh ieu beuteung geus bulan alaeun, sugan we atuh orok teh lahirna tanggal 17 Agustus.
MOAL PUASA
Salila bulan puasa mah moal muka fesbuk lantaran rek diréaan muka Al-Qur'an.
HUDANG GERING
Tong boro dititah mirun seuneu, keur gering kieu mah hudang ge teu kuat.
LUNCAT MULANG
Nganjang ka anak kasampak suwung, tibatan kudu luncat kana pager mending mulang deui we.
SAMAR KAHAYANG
Tengah poé asa samar ningali donat dina lomari kahayang mah ngasaan ngan mitoha nyerangkeun waé.
GULA BEUREUM
Beungeut karasa beureum basa nyuguhan kopi patukeur gula jeung uyah.
DAGING CAU
Keur lulungu rék saur sangu digalokeun jeung kolek cau da sugan téh semur daging.
HENTEU DISIMBUT
Henteu apal kumaha mimitina, ngan basa lilir di gigireun aya nu milu disimbut.
HAYANG SARÉ
Saré téh teu reup da beuteung kukurubukan hayang dieusian sangu.
BASA INDUNG
Indung mah teu weleh melang ka nu jadi anak komo basa kabejakeun gering di pangumbaraan, mani sok kumejot hayang geura ngalongok.
HAYANG TAEUN
Hayang dahar ti sore mula ari taeun teh sanguna dibeakeun ku si bungsu.
HAYANG SARÉ
Saré téh teu reup da beuteung kukurubukan hayang dieusian sangu.
TANGGAL KOLOT
Unggal tanggal ngora kuring mulang ka lembur nepungan kolot.
HAYANG KAWIN
Hayangna mah hayang nyoelkeun jengkol kana sambel teh, tapi ti saprak kawin dicaram ku salaki.
NGIMPI SARÉ
Saré téh teu bisa tibra da ngimpi dihudangkeun waé.
BEUREUM BEUNGEUT
Mun maké baju beureum téh beungeut sok ngadadak rada ngageulisan.
POPOTONGAN BATUR
Lebaran téh rék mudik ka lembur batur wé ah da mun ka lembur sorangan mah sieun panggih jeung popotongan.
HAYANG DIUDAG
Tadina mah leumpang teh hayang antare ngan kusabab diudag anjing edan kuring lumpat sakalumpat-lampet.
DOKTER GRATIS
Embung ah sanajan gratis ogé ari diubaran ku dokter héwan mah.
HAYANG SARÉ
Hayang aya nu maturan saré téh.
TIHANG LISTRIK
Édas, tihang wé rajeg geus aya taunna, ari listrik teu hurung-hurung.
PARAB LAUK
Lauk guramé meunang mais leungit dipaké parab ucing.
HAYANG KAWIN
Basa tatangga kawin ondangan sakitu noyékna atuh hayang dahar gé hésé da pagegelek ku jelema.
HIJI DUA
Ka nomer hiji teu wawuh ka nomer dua sumawonna, naha bet kudu paséa parebut nomer.
PUASA ROMADON
Kuring mah unggal Romadon gé tara kagoda ku nu puasa.
SANGU GORENG
Dasar goreng adat tatangga teh, dikirim sangu jeung goreng peda kalah ka dibikeun ka ucing.
MOAL BEGANG
Moal dahar ah buka jeung saur téh rék nginum wé wungkul méh begang.
HÉSÉ SARÉ
Dititah saré waé mani hésé, komo mun dititah gégéroh.
GORENG SANGU
Hayang sasarap sangu jeung goreng anak hiu.
EMBUNG IH
Ih barina ogé saha nu daék, da geus sababaraha kali nyebut embung.
HAYANG NYIRAM
Jiga nu nyiram waé ieu téh bet hayang dahar kulub hiu.
GUNUNG NANGKARAK
Geus saminggu nangkarak bengkang teu bisa hudang, mani hayang nyobaan nangkuban jiga gunung tangkuban parahu.
POÉ JUMAAH
Poé téh alum jiga kuring nu tara manggih malem Jumaah.
HAYANG SARÉ
Tengah peuting geus waktuna saré naha bet jorojoy hayang ulin ka Pasar Baru.
PEUTING TEUING
Teuing naon maksudna unggal peuting Si Éta sok neleponan nanyakeun tas dahar atawa acan, tapi ari ngirim dahareun tara.
SIEUN PANGGIH
Hayang panggih jeung Si Éta ngan sieun disebut nini-nini lantaran ti saprak aya korona kuring tara dangdan.
JODO PAKOKOLOT
Emh dasar jodo, geus pakokolot kieu papanggih deui jeung Si Manehna di reunian SMA.
WAREG TEUING
Loba teuing nginum cai dewegan rék dahar sangu gé bolay da kaburu wareg.
BAREUH BEUTEUNG
Tuur bareuh beuteung baréd alatan labuh tina tarajé basa keur menerkeun kenténg.
PEUTING SIMPÉ
Naha nya asa simpé padahal can peuting teuing.
Komentar